by

PERSIDÉN RI NGALAKSANAKEUN PASAMOAN JEUNG WALI KOTA SA INDONÉSIA

-Bogor, Nasional-3,057 views

SUARA JABAR SATU.COM | BOGOR – Persidén RI, Ir. H. Joko Widodo, ngalaksanakeun pasamoan jeung Wali Kota sa Indonésia, cindekna tanggal 23 Juli 2018, di Istana Kapersidénan Bogor. Maksud jeung tujuannana, nya éta Persidén RI téh hayang ngareungeu langsung ti Wali Kota sa Indonésia, ngeunaan rupa-rupa hal jeung pasualan nu aya jeung nu disanghareupan di satiap kota sa Indonésia, sakaligus ditéangan jalan kaluarna anu hadé jeung tepat sacara babarengan.

Anapon sala sahiji hal anu hayang direungeu langsung ku Persidén RI ti Wali Kota sa Indonésia téh, nya éta ngeunaan kamekaran paékonomian di satiap kota sa Indonésia, ka asup rupa-rupa halangan jeung pasualannana anu disanghareupan. Lantaran sakumaha anu dijelaskeun ku Persidén RI, dina danget ieu ampir kabéh nagara ngarandapan hal anu sarua, nya éta tekenan ékonomi global, akibat perang dagang Amérika jeung Tiongkok. Salian ti éta, ogé ayana kanaékan suku bunga Bank Séntral Amérika Serikat.

Dina kasempetan éta, Panjabat Wali Kota Sukabumi, Drs. H. Dady Iskandar, M.M., nanyakeun ngeunaan 3 janji Persidén RI anu baris diwujudkeun jeung diréngsékeun. Nya éta pangwangunan Jalan Tol Bocimi (Bogor-Ciawi-Sukabumi) anu ditargétkeun réngsé nepi ka Sukabumi dina taun 2019 nu bakal datang. Salajuna pangwangunan double track atawa jalur ganda Karéta Api Bogor-Sukabumi, anu pangwangunannana ditargétkeun réngsé dina taun 2020 nu bakal datang, sarta pangwangunan Bandara di Sukabumi.

Lantaran ka 3 éta pangwangunan téh kacida pentingna diwujudkeun jeung diréngsékeun. Sabab jalan nu aya dina danget ieu, hususna jalur jalan Bogor-Sukabumi jeung sabalikna, geus teu nyumponan deui kabutuhan, anu pamustungannana patali marga ampir di sapanjang jalur éta jalan téh remen macét. Lian ti éta ogé kacida mangaruhannana kana kalancaran transportasi jeung distribusi rupa-rupa jenis barang, ka asup kana invéstasi ka wewengkon Kota Sukabumi.

Salajuna dijelaskeun, ka 3 pangwangunan éta téh kacida pentingna diwujudkeun jeung diréngsékeun, sabagé sala sahiji usaha jeung tarékah pikeun ngungkulan kamacétan patali marga, hususna di jalur jalan Bogor-Sukabumi jeung sabalikna. Disagédéngeun ti éta ogé dijelaskeun, saupama ka 3 éta pangwangunan téh geus réngsé diwujudkeun, bisa ngarojong kana kalancaran transportasi jeung distribusi rupa-rupa jenis barang, sarta bisa ngaronjatkeun invéstasi, paékonomian jeung kasajahtraan warga masarakat.

Ěta patanyaan Panjabat Wali Kota Sukabumi téh, langsung dijawab ku Persidén RI sacara daria, yén ka 3 éta janji pangwangunan téh baris diwujudkeun nepi ka réngsé, luyu jeung jadwal waktu anu geus ditetepkeun jeung ditargétkeun. //PUT

Comment

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

News Feed