by

HAREGA BÉAS BARIS STABIL JEUNG NORMAL DEUI SANGGEUS PANÉN GEDÉ

Sukabumi, Suarajabarsatu.com – Stok béas di satiap pasar di Kota Sukabumi cukup ngaleuya, tapi haregana mahal. Nya éta Béas Cihérang Rp. 12.400.00, Béas IR 64 KW 1 Jampang Rp. 10.400,00, jeung Béas IR 64 KW 2 Jampang Rp. 9.800,00 satiap kilogramna. Padahal nurutkeun Kapala Diskop UKM-PP (Dines Koprasi, Usaha Kecil Menengah, Padagangan jeung Paindustrian) Kota Sukabumi, Drs. Ayép Supriatna, M.M., Pamaréntah Kota Sukabumi ngaliwatan Diskop UKM-PP Kota Sukabumi, geus ngalaksanakeun OPB (Oprasi Pasar Béas), gawé bareng jeung Polres Sukabumi Kota katut Perum Bolog (Pausahaan Umum Badan Urusan Logistik) Sub Divré (Divisi Régional) Wilayah II Cianjur. Ngan teuing kunaon haregana tetep mahal, atawa ngarandapan undak nepi ka 20 peresén tina harega normal saméméhna.

Basa dikolongan ngeunaan nu jadi sabab mahalna harega béas di Kota Sukabumi, Kapala Diskop UKM-PP Kota Sukabumi can bisa nangtukeun sacara pasti. Ngan nurutkeun kita-kira mah, nu jadi sabab mahalna harega éta komoditi téh, kamungkinan diakibatkeun ku usum hujan anu ngaguyur sajumlah wewengkon panghasil béas, sarta ngaakibatkeun réa patani anu ngarandapan gagal panén.

Kapala Diskop UKM-PP Kota Sukabumi ngajelaskeun, sok sanajan harega béas mahal, tapi teu mangaruhan kana panurunan daya beuli warga masarakat kana éta komoditi. Lantaran béas mah ngarupakeun kabutuhan poko anu kacida pentingna, nya éta sabagé kadaharan poko warga masarakat sapopoé.

Lian ti éta ogé dijelaskeun, nurutkeun béwara pamungkas ti DKP3 (Dines Katahanan Pangan, Patanian jeung Paikanan) Kota Sukabumi jeung Kabupatén Sukabumi, yén harga béas di Kota Sukabumi jeung Kabupatén Sukabumi baris stabil jeung normal deui, sanggeus panén gedé di Kota Sukabumi jeung Kabupatén Sukabumi, nya éta dina bulan Pébruari 2018.

Salajuna dijelaskeun, aparat Diskop UKM-PP Kota Sukabumi, saban poé ngalaksanakeun monitoring jeung nalingakeun kana siklus harega béas, ka satiap pasar nu aya di Kota Sukabumi. Disagigireun ti éta, Kapala Diskop UKM-PP Kota Sukabumi ngaharepkeun, harega béas di Kota Sukabumi bisa sagancangna stabil jeung normal deui.

Sedengkeun stok barang-barang kabutuhan poko jeung barang-barang penting strategis séjénna di Kota Sukabumi, sakumaha anu diungkabkeun ku Kapala Diskop UKM-PP Kota Sukabumi cukup ngaleuya, sarta fluktuasi haregana ogé masih dina wates kawajaran. Saterusna dijelaskeun, panyaluran jeung pangiriman éta barang-barang téh dina kaayaan aman jeung lancar.//Put

Comment

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

News Feed