by

SSA DI JALAN STASIUN TIMUR KOTA SUKABUMI GEUS NGAGUNAKEUN MANAJEMÉN WAKTU

 

SUKABUMI, Suarajabarsatu.com – Sakumaha anu dijelaskeun ku Kapala Dines Pahubungan Kota Sukabumi, Abdul Rachman, A.TD., SSA (Sistim Satu Arah) di Jalan Stasiun Timur Kota Sukabumi, geus ngagunakeun manajemén waktu, cindekna ti tanggal 31 Maret 2018 anu geus kaliwat, nya éta ti mimiti tabuh 06.00 nepi ka tabuh 12.00 WIB. Sedengkeun ti tabuh 12.00 nepi ka tabuh 06.00 WIB, ditetepkeun Sistim Dua Arah.

Saterusna dijelaskeun, digunakeunnana manajemén waktu di Jalan Stasiun Timur téh, didasarkeun kana hasil uji coba salila sabulan jeung hasil surpéy di lapangan. Salian ti éta ogé dijelaskeun, tina hasil surpéy anu dilaksanakeun téh, sajumlah 71 peresén réspondén anu ngawengku ti para supir Angkot, para padagang jeung warga masarakat, ngarojong kana dilaksanakeunnana SSA. Sedengkeun sésana 29 peresén, tetep hayang dilaksanakeun Sistim Dua Arah. Tah ku lantaran kitu, Dines Pahubungan Kota Sukabumi ngalaksanakeun manajemén waktu, sabagé sala sahiji solusi anu tepat dina ngatur waktu SSA jeung Sistim Dua Arah di Jalan Stasiun Timur. Lantaran manajemén waktu téh, bisa ngaakomodir kahayang para supir Angkot, para padagang jeung warga masarakat.

Leuwih jauh Kapala Dines Pahubungan Kota Sukabumi ngajelaskeun, pikeun ngarojong kana kalancaran ditetepkeunnana dua sistim di Jalan Stasiun Timur téh, pihak Dines Pahubungan Kota Sukabumi geus masang rambu-rambu patali marga di éta jalan. Disagigireun ti éta ogé dijelaskeun, salila prosés évaluasi ditetepkeunnana éta dua sistim lumangsung mah, para supir kandaraan anu ngareumpak kana éta aturan téh teu dibéré sangsi, tapi ngan ukur ditegor jeung dibéré pamahaman wungkul.

Sedengkeun Kapala Widang LLA (Lalu Lintas jeung Angkutan) Dines Pahubungan Kota Sukabumi, H.R. Imran Whardhani, A.Md.LLAJ., S.IP., M.Si. ngajelaskeun, digunakeunnana manajemén waktu di Jalan Stasiun Timur Kota Sukabumi téh, didasarkeun kana hasil évaluasi di lapangan sarta hasil wawancara jeung para pangguna jalan katut warga masarakat.

Lian ti éta ogé dijelaskeun, digunakeunnana éta manajemén waktu téh, lantaran dina mangsa isuk-isuk utamana dina jam indit gawé jeung sakola sarta balik sakola, arus patali marga di Jalan Stasiun Timur téh salawasna sok padet, sarta ayana kagiatan padagangan anu nepi kana bahu jeung badan jalan. Sedengkeun dina mangsa soré mah, tingkat kapadetan patali marga di éta jalan téh ngurangan, teu kawas dina mangsa isuk-isuk.

Tah ku sabab kitu, Dines Pahubungan Kota Sukabumi ngagunakeun manajemén waktu, nya éta SSA ti mimiti tabuh 06.00 nepi ka tabuh 12.00 WIB, jeung Sistim Dua Arah ti mimiti tabuh 12.00 nepi ka tabuh 06.00 WIB. Salajuna dijelaskeun, ku dilaksanakeunnana dua sistim di éta jalan téh, bisa nyumponan kahayang para pangguna jalan jeung warga masarakat.//Put

Comment

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

News Feed